Scroll untuk baca artikel
Banner Iklan Harianesia 325x300
Banner Iklan Harianesia floating
Banner Iklan Harianesia floating
Banner Iklan Harianesia 728x250
EdukasiUncategorized

Nyaba Ka Da Nang Vietnam, Wakilkeun Indonesia Dina AIA Healthiest Schools Asia Pasifik

14
×

Nyaba Ka Da Nang Vietnam, Wakilkeun Indonesia Dina AIA Healthiest Schools Asia Pasifik

Sebarkan artikel ini
Banner Iklan Harianesia 468x60

HARIANESIA.COM_Da Nang téh hiji kota éndah nu aya di Vietnam, kawilang kawentar minangka kota wisata, kawas Bali upamana. Tempatna aya di sisi laut, sarta bisa kahontal dina sajam satengah make pesawat ti Ho Chi Minh City.

Naha atuh abdi dugi ka nyaba ka Da Nang sagala?

Ih, lain ukur nyaba, tapi kalaksanakeun ogé amanah minangka wakil Indonesia dina Kompetisi AIA Healthiest Schools tingkat Regional Asia Pasifik!

Kompetisi ieu dipalaksana ku AIA, hiji pausahaan asuransi asal Amerika nu puseurna di Hongkong. Di Indonesia, AIA gawé bareng jeung Kemendikdasmen pikeun ngayakeun kompetisi sakola sehat.

Ti mimiti taun 2023, SMPN 43 Bandung jadi salah sahiji sakola nu dibina pikeun program ieu. Sakola-sakola nu ilubiung kudu nampilkeun program nu patalina jeung:
Kasehatan fisik
Kadaharan sehat
Kasehatan mental
Lingkungan

SMPN 43 Bandung milih fokus kana kesehatan mental, diantarana ku cara ngayakeun:
Tadarus Al-Qur’an
Shalat Duha
Program ESQ
Gemari (Gerakan Magrib Mengaji Daring)
Roots (Gerakan anti perundungan)
Aplikasi BEJAKEUN pikeun ngalaporkeun bullying

Hasilna luar biasa! Ti 4000 sakola SD jeung SMP di sakuliah Indonesia, SMPN 43 Bandung meunang Juara Kahiji tingkat nasional pikeun kategori SMP.

Pamasrahan hadiah nasional dilaksanakeun tanggal 30 Méi 2025 di Jakarta. Samentara ti jenjang SD, nu meunang nyaéta SDN Papela ti Rote, NTT.

Duanana meunang hadiah 15.000 USD, jeung dihormatan minangka utusan Indonesia pikeun kompetisi tingkat regional di Da Nang, Vietnam, tanggal 2-4 Juli 2025.

Perjalanan ka ditu kacida berkesanna.
Rebo subuh abdi miang ti Bandung, naék kareta feeder ka Padalarang, diteruskeun ku Whoosh ka Halim, tuluy naék Grab ka Bandara Soetta. Di dinya kumpul opat urang nu bareng ka Da Nang: hiji ti SD Papela, duaan ti AIA Indonesia, jeung saurang wartawan Kumparan.

Ti Soetta ka Ho Chi Minh 4 jam, tuluy disambung pesawat ka Da Nang sajam satengah. Teu karasa geus peuting, langsung nginep di Hotel Pullman.

Isukna, jalan-jalan heula di basisir Da Nang, terus dilajeng ku workshop jeung peserta ti sagala nagara Asia Pasifik, sarta peutingna Awarding Ceremony AIA Healthiest Schools.

Alhamdulillah, dua sakola ti Indonesia meunang pangajén:
SMPN 43 Bandung: Juara kategori Mental Wellbeing
SDN Papela Rote NTT: Juara Regional Asia Pasifik

Bangga jeung haru, sabab usaha jeung komitmen sakola kana kahadean mental jeung karakter siswa diaku ku dunya internasional.
Hatur nuhun AIA, Kemendikdasmen, jeung sakabéh pihak nu parantos ngarojong!
#net_asranipost
#AIAHealthiestSchools
#SMPN43Bandung
#SDNPapelaRote
#IndonesiaJuara
#MentalWellbeing
#PendidikanKarakter

Banner Iklan 1
Baca Juga :  Meriahkan Maulid Nabi Muhammad SAW, Masjid Al Akhyar Gelar Tradisi Ambengan dan Kirab Religi 
Banner Iklan Harianesia 120x600

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *